header image

KADUHUNG TEPUNG

Posted by: Astrajingga Ngumbara | October 22, 2008 |

Nalika wujud salira maya
angin ririh ngahiliwir
angin puyuh gegelebugan
aya nu kapati-pati
implengan ngaréka-réka
panutan sarwa sampurna

Basa anjeun kalan-kalan némbongan
balébat kokolébatan
ngan saséor hujan silantang
aya nu midangdam
da wangwangan teuing ku yakin
pupujaning ati téh nu keur dipilari

Cunduk waktu wujud anjeun nampeu hareupeun
raga nyata léah manah
lain kukupu nu ngageleber hésé néwakna
lain katumbiri nu boa iraha kawénéhanana
hate kalah nganaha-naha
kaduhung tepung
migandrung sotéh mun anjeun teu sumping-sumping
hanjakal tepang
mitineung sotéh mun anjeun ngawujud kalangkang

under: Sundanese, kereteg hate
Tags: ,

Responses -

ck..ck..ck…sae pisan kang !!
asa nyeredet kanu hate… he3x

@feel
huhuhuh siteteh sakedik ageungna terang panginten maksadna,
dua tulisan nuenggal teh pangalaman kuring nu harita dicaritakeun tea :-|

panon cinulang keclak carita
mapaes hate miwaha tunggara
uger pangeling jungjunan katresna
nu sumping ukur hariring
nu datang ukur saliwatan
midangdung hate kaduhung
sing sabar, tetep ngado’a
lian mangsa sugan kahontal bagja
jeung panutan sarwa sampurna

punten ah ngiringan ngarengkol sakedap yeuh…

selametnya………..mani sejuk…..diantos undangana..

Leave a response -

Your response:

Categories