header image

Alhamdulillah tur Sumerah*

Posted by: Astrajingga Ngumbara | November 2, 2008 |

cunduk kana waktu nu tangtu
ninggang kana mangsa nu nyata
nitih kana wanci nu mustari
jejeg tujuh likur geus ngurangan jatah kuring kumelendang di alam dunya
asa can naha naha
dasar ku tara syukur jigana mah
Gusti… hampura abdi…
padahal rijki naon nu badé di pungkir
sadaya gé kagungan Gusti…
urang mah mung saukur dibéré titipan
tapi seringna éta titipan teh kuurang diaku aku
jeung teu saeutik malah nu ngagungken éta titipan tibatan ngagungkeun Anjeun
padahal milik urang nu saéstuna mah teu lian ti kalakuan urang wungkul
heug dina kalakuan goréng ogé hadéna
éta milik urang nu haq tur bakal ditanggelwalerkeun isuk jaga ning géto ka Anjeun

Alhamdulillah Gusti…
dina danget ieu
dina jejegna tujuh likur
kuring dikersakeun ngaitkeun paniatan hadé
mugia diteraskeun ieu lampah kana jalan sunnah Rasul jaga
da kahoyong mah alim kumawantun mayunan pun raka
sanaos mung saukur kahoyong
ari kana bréh na mah sumerah nyanggakeun
da sagala gé kagungan Anjeun

02112008

-Astrajingga Ngumbara-

*judul awalnya birthday vs engaging, tp ga jadi narsis banget wekekeke :)

under: Sundanese, lengkah lumampah
Tags: ,

Responses -

eleuh…kongratuleyseenn ceepp…. :shakehand
semoga dimudahkan semua jalan nyah, ternyata ga usah didoain enteng jodo da udah enteng yah wwkwkwkw…. sok atuh gera gera :o :o

duh….

salametnya, simkuring ge hayang geura…..

geura selingkuh :o
tah mun selingkuh teh pan berarti aya nu diselingkuhkeun, tah eta nu ku kuring diteangan teh….

semoga lancar broy sampai hari H nyah :D

alhamdulillah atuh kang…
salametnya, wilujeng tepang taun sareng wilujeng tunangan… uhuy uhuy… seep seep seep…
ehmm.. sigana aya traktiranana yeuh ! double nya…hehehe diantos ulemanana…

Leave a response -

Your response:

Categories