header image

Lalakon Hirup

digubragkeun ka alam dunya wanci asar-pasosoré kaping opat sura (4 Muharam) babaraha taun kapengker

nyakola éSDé di lembur jejeg genep taun

bérés SD teras nyakola di Ciamis di MTs Darussalam Ciamis, mondok tilu taun dugi ka lulus MTs.

teras nuluykeun sakola SMU di SMU2 Cirebon, numpang di bumi batur 3 taun dugi ka lulusna.

Kuliah di Bandung PAAP Unpad, ngekos babaraha kali pindah tapi angger sakulibek Kampus sekitar DU, Tubagus, Haurmekar, Titiran dugi lulus 3 taun.

bérés kuliah nyoba kula kuli di jakarta di pausahaan ritél nu gaduh minimarket réa diindonésya mung sakedap teubetah capé gaji leutik, ngalih ka cikarang di pausahaan logistic anger teu betah pédah dianggep pegawéy harian jadi digajih harian, sapoé teuasup nya asup list unpaid day hiks…

tuluy nganggur, bosen nganggur, lunta ka kota leutik Lirik(ayeuna geus jadi kacamatan) kacamatan airmolék,  kabupaten indragiri hulu, Riau. didinya caritana mah nyiar gawé, tapi angger teu betahan kakara ge 6 bulan can meunang gawé keneh, geus muléy teu betah, sabisa bisa nyiar duit keur ongkos, aya nu nawaran gawé nguli bener nguli nyéta nyieun balong keur minyak, jadi tukang gali, awak hideung bolokot ku minyak teu paduli nupenting meunang duit, meunang saminggu gawé teukuat cigana awak ngaleketey, dipariksa téh cenah gejala tipes, geus wéh teu gawé deui, dipénta wéh buruh na lumayan meunang keur saongkoseun ka pakanbaru terus dituluykeun ka Bengkulu jeung jang jajanna. ringkid giat mangkat weh teu paduli awak leuleus kénéh ogé, antibiotic teuing sabaraha puluh siki kénéh can béak dibekel wéh da ceunah kudu béak cék dokter.

Datang ka Bengkulu téh poé isukna aya lini, keur mah leuleus kénéh tuluy kakara deui da ngalaman gempa rada badag karasa ningal imah téh da rieug, batur gé sarua tingkoréjat, masarakat gé tagiwur jeung isu tsunami téa da kamari kakakara kajadian tsunami di acéh(keur tsunami mah pas kakara datang ka Riau). Dibengkulu nganggur heula sabulan dua bulan mah meureun tuluy ngabantuan mamang wéh di kantorna sabantu-bantu. Teulila tuluy aya nu nawaran gawé ari kantorna mah di Jakarta, ngan dék aya proyék nyéta di kantorna mamang téa, ngabutuhkeun tanaga keur didaérah, nya heug wéh ngalamar tuluy ditampa gawé, tidinya langsung misah ti paman da ngarasa geus boga gawé, sok loba ngarasa teu ngeunah sayah mah, maksud teungeunah téh isin éra asa ngarépotkeun batur kajeun jeung dulur sorangan gé, tong boroning jeung dulur kétang ka bapa soragan gé sok ararisin dék ménta nanaon gé, pédah geus kabiasaan hirup nyorangan siganamah. Kulantaran mimiti mah can loba teuing pagawéan nya ari isuk isuk téh sok jualan koran Rakyat Bengkulu(jawa pos grup), rebun-rebun bada shubuh langsung nikreuh ka tempat agén, sabenerna lain tempat agén tapi di parapatan, tah si agén nun datang kadinya mawa mobil jeung Koran bagikeuneun ka loper Koran, tara mawa loba sayah paling ge 30-40 siki tinu sasiki téh aya batian ngan 300 pérak heueheu tempat mangkal sayah mah di Pom Bensin jualan téh, mun teulaku éta koran dibalikeun ka agén ditukeuran ku Koran isukan, tapi nya mun loba teu laku pan teu ngeunah nya dicarékan meuren niat jualan teu heuheueh. Rada panjang yeuh carita Bengkulu mah geuning hihihi lumayan tuda hampir dua taun sayah dibengkulu mah saacan meunang suran PHK ti kantor kulantaran aya perampingan babakuna mah pédah proyék lanjutan di Bengkulu teu jalan. Loba kenangan oge di Bengkulu jeung loba palajaran, ti muley diajar jualan Koran dugi ka diajar jadi tukang IT padahal sayah mah kuliah akuntansi hehe. Nya nu nempel mah layung di pantéy panjang sok ngahaja mulang gawé ka pantéy ngahuleng dugi sareupna.

Sabada di PHK teulila kuring mulang kalembur, asa sarono hampir tilu taun teu mulang.

Basa nganggur téh kukulamprengan di cerbon aya babaturan hayang nyieun warnét cenah, heug sayah ngabantuan sabantu bantu waé nu bisa digawéan dugi ka jalanna warnét nya ngabantuan nungguan ogé.

Kurang leuwih satengah taun nganggur aya béja tiréréncangan cenah aya lowongan di Jakarta, nya sayah ngalamar wéh teu lila dipanggil trus digawé di salahsahiji pausahaan hulu widang minyak gas jeung énérji di Jakarta. Alhamdulilah dugi ka ayeuna masih kénéh, masih kénéh janten pagawé kontrak tos badé dua taun héhé. Alhamdulillah…

-lalakon simkuring-

Astrajingga Ngumbara

Responses -

Sukses yah!!!!!!!!!!

duh,,,,mani terharu….maju terus jangan putus asa semangat……

Leave a response -

Your response: